Geus leuwih sajam si karwita dititah meuli roko, tapi can balik waè. Barang jol, langsung dicarekan ku Bapa na
" Angger sia mah, ari dititah tèh sok ngampleng.
Maenya meuli roko mani sajam leuwih...?
Boa ulin heula....?" ceuk Bapana
"Sanès ameng Pa...., tadi payuneun warung
aya anu lengit artos saratus rèbu.
Aya sajamna dipilarian ku lobaan, namung teu kapendak,"
" Ari sia milu nèangan duit nu leungit ?"
"Ih...., henteu. Abdi mah ngajanteng wè....,"
"Naha kalah ngajanteng .....?"
"Apan artosna ditincak ku abdi.....,"
😂😂😂
No comments:
Post a Comment